RAJAH SILIWANGI
Balumbung agung rahayu
Gumijing manjing walagri
Gumijing manjing walagri
Wangi diri sanubari
Gorejat saringkang ringkang
Rancage hate awaking
Nyebarkeun jalan laratan
Katampilan geusan mandi
Kaleuwi SIPATAHUNAN, leuwi nu maruncang diri
Diri anu sakiwari
Rek muru kulurung tujuh
Ngaliwat ka Pajajaran
Bongan hayang pulang anting
Padungdengan-padungdengan jeung usikna pangancikan
Hung ahung
Turun ti gunung gumuruh
Kahujanan ku malati
Nya moyan di pamoyanan
Papanggih jeung urang dami
Anu keur mener ngarajah
Madep ka dayeuh kawangi
Hung ahung
Amit ampun nun paralun
Ka Gusti nu maha suci
Neda pangjiad pangraksa
Para abdi-abdi seni
Seja ngaguar laratan
Titis waris nini aki
Ngembatkeun jalan laratan
Katampian geusan mandi
Kaleuwi SIPATAHUNAN
Leuwi nu ngaruncang diri
Diri anu sakiwari
Rek muru nulurung tujuh
Ngaliwat ka Pajajaran
Bongan hayang pulang anting
Padungdengan-padungdengan jeung usikna pangancikan Pun sapun
Sampurasun karumuhun
KA HYANG PRABU SILIWANGI
Murba di pajajaran
Pangauban seuweu siwi
Nu gelar di TATAR SUNDA
Muga nyebarkeun wawangi
Hung ahung
Hung ahung
Hung ahung
Hung ahung